
DAARUTTAQWAA*
Di masjid
Kuring palid
Dina hiji walungan dzikir
Nu ngamalir
Ka lebah kiblat
Ngangkleung kuring
Kabandang caah cimata dosa
Rumasa baheula mah mindeng teuleum
Dina leuwi kamasiatan
Basa anteng kokojayan na botol arak
Atawa rucah
Na saban lombang tambakan syahwat
Palid kuring
Ka lebah jempling
Ngangkleung kuring
Na umpalan petengna peuting
Hawar-hawar kareungeu séah sagara
Mapag haté nu ngayambang di muara
Muarana mangrupa duá
Terus ngamalir saméméh anjog
Ka laut kubur
2008
*) ngaran masjid di Kota Tasikmalaya
SAJAM SAACAN JOGJA
Keur Ela Dahlia
Sajam deui nepi ka Yogya, bet kakeueung
Dumadak midang na saban gerbong
Kuring inget ka anjeun
Basa masinis nanyakeun karcis
Basa aya tukang jajaluk namprakeun leungeun
Jeung nu ngamen teu eureun-eureun
Ngawihkeun tresno karo koé
Sajam deui nepi ka Yogya
Nu kasawang mangrupa ringkang pinareup anjeun
Kawas iklan dina Koran, atawa demonstrasi
Mahasiswa nu pageduk jeung pulisi
Basa harga nyemprung ngapung ka alak paul
Ka lebah langit nu nangtawing
Kusabab sieun BBM naek peuting ayeuna
Teu karasa, keclak cimata
Ngaminyak damar na congo ati
Ngahurungkeun saban harepan
Tina obor ruruhit wanci
Peuting ieu urang geus sapuk
Rék ngedalkeun rusiah cinta
Najan ranjang kari bantalna
Najan paké kari simpayna
Sok sanajan sajak ringrang
Henteu weléh méré wirahma
Impian jaga:
Nyiar bakti nya ka gusti
Nyieun bukti jang ka diri
Sajam deui, saacan Yogya nawarkeun pasar
Beringharjo atawa jalan Malioboro
Geus kaangseu parfum anjeun
Geus karasa keueut galentor ciuman anjeun
Mapag kuring di statsion Lempuyangan
Bari imut ngais kakangen
Barudak urang
24 Mei 2008
TETENGGER
(Keur Oto Iskandar di Nata)
Di dieu, aya hujan saban poé
Jeung ibun nyebor batu-batu lukutan
Sabot haté geus kakeueum gulidagna rasa cinta
Lebah akar-akar Kiara nu ngaranggeum
Hiji kuburan di basisir pangjauhna
Di darat pabéja-béja
Di laut anjeun perlaya
Surup muru jajantung
Panon poé pulas bungur
Minding asih nu ngagetih
Jeroeun dada, kingkilaban
Ngariak dina genyasna hujan
Tinggeleber jiga cicika muru pepeteng
Poé nu dikeupeul ku leungeun anjeun
Ngan tulisan sajarah buhun
Mangsa madep ka lebah kiblat
Satukangeun congo sangkur
Ajal ngolébat ngabegal umur
Nu simpe, di dieu, ngan saukur
Panineungan nu angger jeneng
Nulak cangkéng di pencut waktu
Bari ngabar hiji carita
Ngeunaan béntang nu muguran
Lir kararas awi wulung
2008
GALUNGGUNG
Sukma geni nyilalatu, ngahuru
Waktu na saban pencut keusik gunung
Papencrong-pencrong iman jeung nafsu
Nganti balangah sala sahiji
Rék silih rebut haté kulawu
Ti jauhna, satengahing beuti canar
Mesin sénso tinggarerung
Sorana ngaweuh ka langit
Ari langit geus beureuyeung pihujaneun
Kari luncat
Nyawér jerit kai rungkad
Alam téh keur digadabah
Tina suku jeung huluna
Ngan kur lombang ngaborok jawa
Basa ramo-ramo béku
Ngeruk simpé sategalan
Sarta nyulap ampar lahar
Jadi gedong-gedong sigrong
Sukma geni nyilalatu
Galunggung bitu dina haté nu kulawu
2008
BASA MIMITI USUM PAREU LISTRIK
Lampu pareum ti sore kénéh
Saha atuh nu acan mayar rekening listrik?
Boa-boa di garduna aya gangguan?
Nya bisa waé, meureunan kabéntar gelap
Da ti kamari hujan can raat
Kalayan sabar, anjeun ngingkig meuli lilin
Sarta ngahurungkeunna di imah
Tapi geuning budak anjeun mah
Nu umurna genep taun
Teu ieuh hayang ngartieun
Da sinétron karesepna rék diputer
Peuting ayeuna
Bakating keuheul, antukna
Anjeun indit ngajual tv
Sabab iuran sakola can kabayar
Da ceunah arék ujian- atawa-
Nya keun bae masalah éta mah
Da BBM atawa sembako
Nu leuwih penting dibeuli ayeuna
Nya ku duit
Jeung harga diri
2008
CINEHEL
: Idah Jubaedah (alm)
Hiji ngaran, nyitak jelas
Na tetengger kuburan waktu
Nya didinya geus dikureb dipulasara :
Indung kuring!
Taya nu wanoh, harita
Mangsa hujan pipisahan jeung langitna
Hieum ceudeum kaayaan ieu dada
Angin janari, angseu kembang
Nganteur tineung nu beuki keueung
Sagalana jadi simpe, harita
Basa peuting nyalin jinis jadi ibun
Isuk-isuk reumbeuy tungtung jujukutan
Nu ngemploh ngahejo pikir budak pahatu
Baseuh taneuh, sedong-sedong, sirung padung
Mungkas carita tujuh lengkah sabada talqin
Ngabeberah ragragna asin cimata
Hiji ngaran, beuki eces
Na tetengger kai randu
Na geleter hate batu
Jero ngagurat na saban urat
Lain ngaran saukur ngaran :
Indung kuring!
2003
SAJAK
Buku,
Pulpen,
Hurup-hurup,
Jadi kecap,
Jadi kalimah
Jadi catetan, angka-
Angka milu nyaksi sajarah dunya
Ditulis!
Ku kesang jeung mangsi getih
Tuluy sajak ngamalirkeun herang cimata
Ka muara-muara du’a
Kaangseu dosa baheula
Nu ngabugang dina mangsa
2003
KUBUR
Nurih ngaran na tetengger
Teu penting deui urang tatanya
Saha nu lahir leuwih tiheula
2003
KATUMBIRI
Ngaruy!
Hujan poe, sakedapan
Maseuhan jalan
Ti langit, ngolebat
Katumbiri
Melengkung na tungtung jukut
Na rek naon para dewa turun ka dunya
Bari ngabar-ngabar bandera?
2003
(sajak di luhur ieu teh, minangka na mah, respon kuring kana kaayaan sosial pulitik bangsa nu keur nyanghareupan sajarah anyar, nyaeta dina PEMILU 2004)
KANGEN
Kalangkang anjeun, sariak
Layung impenan nu ngempur
Di jomantara hate
Mapaesan simpe poe
Ngemat asih nu ngagetih
Na ieu dada
Ngagambar deui carita lawas
Sajak-sajak nu geus laas
Tapi, anjeun
Lir angin nebak sagara
Ngahiliwir
Teuing ka mana jigna
2003
TADI PEUTING
Sapeupeuting, hujan
Teu raat-raat ngaririncik
Tina jiwa jeung katresna
Nyurucudkeun kesang seuneu
Mangsa angen-angen ngumbara
Di antara langit jeung bumi
Sedeng impian,
Beuki mubus na keukeupan ranggeum ajal
Jeung birahi kaimanan
Sapeupeuting, angin
Nyeah rongkah teu reureuh-reureuh
Na kaceuceub jeroeun sukma
Niupan sahengna getih
Mangsa waktu ditubleskeun
Ka sela waktu anu nyongkab
Najan jerit kanyenyerian
Tingkerelep
Dina sumur kakangen anjeun
Sapeupeuting, taneuh beureum
Ngaliang kubur na implengan
Tapi simpe bet beuki simpe
Sok sanajan dikiruhan
Rawah-riwih dzikir urang
2002
I LOVE YOU
Demi tangkal pangharepan
Anu ngakar dina karempan
: lamun aya waktu keneh pikeun urang neuleumanana
lautan nyaksi Panonpoe
bakal surup na soca anjeun
nu kiwari ceudeum langitna
nunggu peuting gancang datang
mamawa bulan, bari
neuteup kalangkangna anu ngangkleung
balayaran na sagara
sugan jeung sugan
ranggeuyan bentang maruguran
na keukeupan cinta urang
Demi areuy-areuy katineung
Nu ngaranggeum rasa kadeudeuh
: lamun aya kasempetan keur nadahna
mangka hujan moal reuntas turun ka dunya
nyeboran lemah duriat nu hanaang
balas lila kahalodoan
ngibun hate nu rancucut kaanginkeun
ku seah jaman jeung kanistaan
Demi hilir nu micangcam
Panggih ci nyusu na huluwotan
: kuring sadia nyumputkeun wanci
nu tinggal hiji rusiah ati
najan pati dirampas tungtung peso balati
2002-2003
ENDONESIA
Hujan, nyebitan mega
Nu ngangkeub na jero dada
Meupeus simpe ku gelap jeung kingkilaban
Ngabedah-bedah hate nu geus heubeul nyidem rusiah
: rusiahna Sangkuriang jeung Malin Kundang
Geuning lain saukur dongeng
Panganteur nyaah jeung geugeut
Jadi pitapak tina leugeut
Basa hujan anteng maseuhan
Teuneung katineung mangsa katukang
Aya tatit beureum bodas, ngajorelat
Nyamberan tungtung tihang bandera
Gedur seuneu
Ngahebos ketug ratug jajantung
Panas nyongkab na rantengna urat sarap
Ngabebela lebah walikat
Nu geus tatu balas nahan tenggoran batu
: batuna patung Malin Kundang
batuna gunung Sangkuriang
Ngan kiwari, kari rasa
Jeung rumasa nu tinggal sesa
Tingburial kahanjakal na lemah –
Cai nu ku urang dipupusti
Kabanjiran cimata indung
Kasupata cimata indung
2002
TEMBANG PATURAY
Liuh linduh dina tatangkalan peuting
Manglaksa kuricak bentang baranahan
Tingkariceup, bangun anteng ngajak katineung
Nu nampeu na bangbaluh caya bulan
Mapayan mega jeung halimun
Kabawa palid sumilir angin
Ka basisir lamping asih tina ati
Tuluy neumbrag guligahna seah ombak
Panglamunan…….
Anjeun nu labas ingkah ka jomantara
Ilang tapak teu kateang lengkah mangsa
Basa nyanding balayaran pamayang batin
Na tamela nu ngayambang luhur lautan
Nu gumuruh reuntas harepan
Kamelang, kiwari ngancik dina hujan
Ngaririncik maseuhan rasa
Sieun anjeun teu mulang datang
Mayar jangji rek panggih deui
2002
saya tertarik dengan sajak yang judulnya "Galunggung" disitu diceritakan ada puncak beuti canar, pernah kesana? bisa tau ada yang pada nebang kayu???
BalasHapussaya sedang mencari jalur beuti canar.
Nuhun.
Iya kang, barangkali tahu jalur ke puncak beuticanar (hehe meuni OOT pisan).
BalasHapusSaya ada rencana pendakian dari kawah galunggung dan turun melalui kawah talagabodas.
Haturnuhun.